Wasta : Dhea Nanda Wulandari
Kelas : XII MIPA 2
Sakola : SMA Negeri 1 Sukahaji
Blog ieu didamel pikeun nuntaskeun salah sahiji tugas mata pelajaran Basa Sunda.
Artikel
Artikel teh esey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah atawa internet. Eusina bisa mangrupa karya ilmiah, opini atawa sawangan jeung pamadegan pribadi kana hiji hal, laporan lalampahan atawa laporan ngeunaan kaayaan, bisa oge kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.
Upama nilik kana eusina, artikel bisa dipasing-pasing jadi :
1. Artikel narasi
Nyaritakeun situasi atawa kaayaan, boh dumasar kana runtuyan waktu boh runtuyan kajadian dina artikel narasi tangtu kudu aya tokohna.
2. Artikel deskripsi
Artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan (fakta) nepi ka kabayang ku nu maca.
3. Artikel eksposisi
Artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupa pedaran ngeunaan wangenan, kagunaan, bagian tina hiji konsep, bisa oge mangrupa langkah-langkah, cara atawa proses migawe hiji hal.
4. Artikel argumentasi
Mangrupa karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan, kasang tukangna mangrupa kritik kana hiji perkara atawa pamadegan. Biasana diwuwuhan ku opini (sawangan, kamandang) pribadi tapi didasaran ku fakta jeung data nepi katarima ku nu maca.
5. Artikel persuasi
Sok disebut oge artikel pangjurung laku (motivasi). Eusina mangrupa uar pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya mangpaatna.
Cara nulis artikel taya katangtuan khusus, tapi diluyukeun jeung kawijakan redaksional media masa anu ngamuatna. Artikel anu dimuat dina Pikiran Rakyat tangtu bakal beda jeung artikel anu dimuat dina majalah rumaja saperti Hai, boh basana boh gaya nulisna. Kitu deui artikel anu dimuat dina majalah Mangle tangtu moal sarua jeung majalah Galura. Etamah gumantung kana kawijakan redaksional rumpakan bae.
Obyektif jeung subyektifna hiji artikel, gumantung kana eusi tulisanana. Upama eusina mangrupa karya ilmiah, tangtu wae kudu diwuwuhan ku data katut fakta-fakta ilmiah. Fakta-fakta anu sifatna obyektif dipake dadasar pikeun nembrakeun pamadegan jeung pamanggih pribadi anu sifatna subyektif.
Artikel digolongkeun kana tulisan nonfiksi. Sagala rupa anu ditulisna henteu meunang jijieunan. Upama ngabahas hiji pintonan atawa pagelaran, tangtu pintonana kudu aya. Sawatara hal anu kudu diperhatikeun upama rek nulis artikel :
1. Tangtukeun heula jejerna. Rek ngabahas ngeunaan naon.
2. Susun poko-poko nu rek dibahas. Mun rek ngabahas karya sastra, naha rek ngabahas karakter tokohna atawa naona.
3. Susun rangkai karangan.
4. Ulah asa-asa nepikeun pamanggih tepikeun kalayan jelas, sarta ulah poho alesanana.
5. Usahakeun nulisna ulah ngayayay, da pan artikel teh karangan pondok. Basana kudu merenah.
6. Basana enteng sarta genah dibacana. Anu matak ulah nyieun istilah-istilah anu matak kerung kanu maca.
7. Perhatikeun ejahanana.
Dihandap ieu aya conto artikel. Mun ceuk simkuring mah, artikel dihandap ieu asup kana jenis artikel deskripsi.
Naon Ari Covid-19 teh?
Ari ciciri kena virus corona atawa COVID-19 nu sok biasa dirasakeun ku pasien téh nya éta muriang (demam), batuk, pilek, sarta gangguan tina ambekan (pernapasan), nyeuri tikoro, téréh capé jeung leuleus. Tapi aya sabagian nu ka infeksi covid-19 téh ngan saukur ngalaman kanyeuri saetik wungkul, bahkeun aya anu sama sakali teu ngalaman gejala inféksi.
Hiji jelema bisa kajangkit ku virus corona ku sabab kena droplét atawa kena cécérét tina cai nu dikaluarkeun ku jalma nu ka inféksi, basa keur manéhna batuk atawa keur bersin. Lain kitu wungkul, tapi ogé bisa ku lantaran nyabak alatan nu geus ka kontaminasi ku penderita COVID-19, tuluy manéhna nyabak irung ataw sungut sancan ngumbah leungeun mimitina.
Corona virus mangrupakeun kaluarga ti virus MERS-CoV jeung SARS-CoV. Sajauh ieu akibat Covid-19 angka kamaotan 2% teu leuwih luhur lamun dibandingkeun SARS jeung MERS. Angka kamaotan SARS bisa neupi ka 10%, sedengkeun MERS bisa neupi ka angka 37%. Sanajan kitu, COVID-19 leuwih tereh sumebarna lamun dibandingkeun SARS dan MERS, ku kituna nu kena panyakit ieu, tereh ningkat jumlahna tina waktu nu singkat.
Cara nanggulangan atawa nyegah ka tilu panyakit ieu, bisa dilakukeun ku cara urang kudu rajin ngabersihkeun leungeun, nutup irung jeung sungut sabot batuk atawa bersin bisa ogé make masker, sarta mun masak daging jeung endog kudu sing asak bener, saencan di dahar. Salain kitu, urang kudu sabisa mungkin ngajaga jarak heula jeung jalma nu lian, ilaharna sok disebut sosial distancing.
Geura buru mariksa ka dokter atawa pasilitas kaséhatan nu deukeut, saperti klinik, Puskésmas, atawa rumah sakit, lamun urang ngalaman gejala inféksi dina pernapasan, muriang (demam), batuk, bersin, pilek, atawa nyeuri ambekan (pernapasan), komo deui lamun dibarengan jeung nyesek, bengék, atawa eungap dina dada mah.
Lamun ceunah urang boga pertanyaan ngenaan kana infeksi virus Corona atawa covid-19 ieu, misalna tina gejala atawa cara pencegahanna ulah ragu nanya jeung chat ka dokter langsung. Terutamana warga jawa barat bisa ngabogaan aplikasi khusus covid-19, nya éta pikobar atawa ngakses langsung situsna di pikobar.jabarprov.go.id
